Perang Potrét

0 0 0
                                    

Mang Iding jeung baturna tiluan, keur husu masang-masang spanduk nu dipakukeun kana tangkal mahoni sisi jalan. Éta spanduk potrét Ibu Hajah Anis, tatangga kuring nu salakina juragan tanah. Sawahna satungtung deuleu. Kebonna upluk-aplak, ceuk tukang rahul mah moal kakuriling dua poé dua peuting. Atuh bu Hajah Anis gé pupuhu hiji partéy anu béréhan, ahli tutulung. Cenah éta gé ceuk batur, da kuring mah tara pirajeunan kalayang koloyong ka dinya, najan teu boga béas gé. Éra. Aya pangabutuh mah kajeun ka si Koyah wé, sapantar jeung kuring  pangabogana. Pajenggut-jenggut jeung dugul. Tapi sugema.

“Tah kadé, Nyai, engké mun milih pamingpin téh, tah ieu Ibu Haji, sarua salembur.” Ceuk Mang Iding bari sirahna dangdak-déngdék neges-neges sepanduk nu geus napel dina tangkal mahoni, kawas nu kurang sugema. Padahal geus merenah ceuk kuring mah. Pas.

“Nya enya atuh. Asal bageur wé ka urang lembur,” témbal téh.

“Ti ayeuna wé omongkeun, naon kahayang Nyai téh! Ké ku uing dibéjakeun.”

“Nyaan?” témpas téh daria.

“Nya heueuh, apan uing mah beurang peuting idek liher di Bu Haji, ngatur ngatur sétratégi,“ témbalna.

Baturna silih rérét. Séréngéh sareuri. Tim suksésna meureun. Da loba ti lembur kuring gé nu jaradi tim suksés téh, lain ka Bu Haji waé, tapi ka calon nu séjén gé loba nu jaradi tim suksés. Cenah ceuk batur. Tapi percaya, da geuning ayeuna geus mimiti calon-calon narémbongan téh, urang lembur kuring loba anu absén tara ka sawah. Kaharti meureun mana kitu gé. Gedé buruhna. Malah deuih ceuk béja mah tim suksés téh bakal diburuhan ku jabatan mun nu didukungna meunang. Resep.
Nya dibaréré duit, nya bakal dijaradikeun pajabat. Boa engké mah mun Bu Anis meunang téh, mang Iding moal  buburuh ngabedug deui? Tapi lamun éléh kumaha?
Teu kabayang haranjelueunana! Ngaruyung! nu dijagokeunana éléh. Komo meureun Bu Anis mah, nya duit wowotan, tanaga wowotan, haté wowotan. Karunya. Ah, tapi naha maké kudu karunya, mana miluan pamilihan gé meureun geus siap meunang siap éléh. Ari duit mah teu katempo, ngan lamun tanaga sok katempo, bu Anis dialeut-aleut ku tim suksésna baralik peuting atawa tengah peuting, teuing entas tingalider ka mana. Capé pastina gé. Ngaluarkeun tanaga.

“Iraha Mang Iding pamilihanana téh?” tanya téh daria.

“Bulan isuk! Kade, Nyai milih téh kudu ka batur salembur!” teu éléh daria mang Iding ngajawabna téh. Hayang suksés meureun jagoanana. Kuring nyéréngéh seuri konéng. Bingung. Da najan salembur gé teu pati wawuh ka Ibu Anis téh, béda kasta. Kuring mah jalma leutik, manéhna mah juragan tanah. Sakalieun tepung di jalan pasampangan gé sok éra parada. Mun manéhna ngarérét, kuring mah paling manggut. Da manéhna gé tara omhang tara uah aéh tunyu tanya. Béda lamun kuring pasangrokna jeung si Koyah jeung si Emeh, najan bobolokot ku leutak gé uplek heula wé ngobrol.

“Insya Alloh, Mang Iding.”

“Naha Insya Alloh?” tanya mang Iding bari kerung. Kuring seuri.

“Nya enya atuh Insya Alloh, Mang! Kumaha mun isuk uih paéh? Meureun moal milu pamilihan. Piraku milih ti alam kubur mah!” témbal kuring  bari ngaléos.

Di warung bi Ecin geus loba jalma nu keur baralanja. Kuring nyelendep ka hareup. Ukur rék meuli asin sepat jeung sambéleun. Teu pira.

“Mani seselendep ieu mah nu anyar datang!” ceuk Ceu Yoyoh bari nepak taktak.

“Ninggalkeun si Ujang meureun, bisi aya nu ngiwat!” témpas Bi Anah bari nyeukeukeuk seuri.

“Heueuh, heug ayeuna mah aya tukang ngiwat salaki batur. Tuh ning si Hasanah keur aleuk-aleukan wé ceurik, da salakina kaperego di pangkalan ojég keur otél jeung randa urang Girang,” ceuk Ceu Sopiah bari jeba-jebi. Sieun pasti manéhna mah, da salakina kadal. Teu kaop nempo bikang. Jeungna deui geus heubeul kuring ngadéngé aya randa di Girang anyar pindah, meuli imah mang Saju, tapi rada tolohéor cenah. Ah, teu sieun kuring mah, najan aya randa rancunit ge, pédé wé moal daékeun ka salaki kuring nu bulukutupuk ukur  purah guyang na leutak sawah batur.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now