Pudunan Cimanggu

0 0 0
                                    

Isuk-isuk hudang saré awak asa rariged teu ngareunah. Pangpangna palebah punduk teu puguh rasakeuneunana, pegel leuwih ti pegel malah asa aya nu ngabeungbeuratan. Leumpang jadi méyékéh, badis nu keur manggul ségon sakarung.

“Na ku naon mapah téh janten kitu, Kang?” Ceuk indung budak héraneun.
“Nyaéta atuh duka ku naon ieu téh. Punduk asa beurat kacida.”
“Diurut atuh ku Mang Ukim, bilih kateterasan.” Pokna deui, melangeun bisi katutuluyan kawasna mah.

Teu diengkékeun meungpeung keur peré gawé, harita kénéh indung budak dititah néang Mang Ukim. Ngan dina derna ngurut Mang Ukim kawas nu ripuheun pisan. Semu ngahégak bari awakna ngoprot késang.

“Teu sanggem ah, Pa Guru!” Pokna bari eureun ngurutna. “Ieu mah sanés lebet angin biasa. Kedah ka nu tiasa.” Ngomong kituna téh bari tuluy amitan. Dikeupeulan ngadon kéképéhan teu daékeun, cikopi gé ukur diinum saregot.

Sikep Mang Ukim kawas kitu téh asa matak bingung. Padahal lain karék sakali duakali diurut ku manéhna téh, sasat geus ngalangan. Kudu ka nu bisa téh, ka nu bisa kumaha? Bari ngararasakeun kanyeri, haté terus norowéco, kudu uubar ka saha jeung ka mana.

“Cobian ka Ni Erum geura, Kang. Bilih kasibat ku nu teu paruguh,” ceuk indung budak, nuduhkeun ka kapi nini nu teu pati jauh imahna.

“Ari nanaon téh asal engab waé. Nya kasibat ku naon barina gé?” Asa teu percaya kanu karitu téh. Apal Ni Erum rayi bungsu jenatna nini teges téh ku batur mah sok dipéntaan tulung, da cenah rada bisa.

“Ih nya bilih wé, pan kitu geuning saur Mang Ukim.” Pamajikan keukeuh, bangun nu yakin kana pamadeganana.
Ku hayoh waé ngadéngé omangan indung budak, haté jadi tagiwur. Boa-boa enya ieu téh balukar tina kajadian tadi peuting, basa balik ti tonggoh jeung Ki Sobat. Da dihenteu-henteu gé aya kajadian ahéng nu matak teu kaharti ku akal.

***

Balik nohonan ondangan babaturan rada elat, ngaran-ngaran tepung jeung sobat nu tadina rék balik beurang teu weléh dicandet.

“Gampang ieuh balik ka kota mah, kari ngagorolong,” pokna. Ku uplek ngobrol antukna mah bada magrib karék diidinan balik.

Teuing kunaon ujug gejejes mesin motor nu keur nyemprung ti tonggoh kénéh ngadadak pareum palebah pudunan pisan. Padahal jagjag pisan waktu tadi dipaké ka tonggohkeun mah. Hadéna Ki Sobat nu mawana tapis, motor lalaunan digorolongkeun ka sisi. Najan can pati peuting teuing tapi kaayaan tiiseun pisan, kawantu jauh ka ditu ka dieu. Sabudeureun pangeureunan meredong poék, ongkoh kahieuman ku tatangkalan nu dangdaunanana ngaroyom ka jalan. Asa ngeunah keur inditkeun pasosoré ka tonggohkeun mah, ariuh lebah dieu téh. komo da ngan saukur diboncéng ku Ki Sobat, nyalsé bisa nempoan kaayaan sakur nu kaliwatan.

Ki Sobat nu tadi sajajalan galécok bari mawa motor, ngadadak jadi teu loba omong. Leungeunna uyup-ayap kana paparabotan nu dikaluarkeun tina handapeun jok motorna. Gen HP nu geus dihurungkeun lampu sénterna diteundeun deukeut mesin motor nu keur dibenerkeunana.

“Hampura yeuh teu bisa mantuan,” ngomong kitu téh bari cengkat. Lain embung mantuan, tapi teu taram-taram acan kana urusan mesin mah. Ki Sobat teu nembalan, tonggoy meresihan busi motor.

Tamba kesel jalang-jéléng teu jauh ti motor. Rét ka béh kalér katempo celak-celak cahaya lampu ti sababaraha imah tayohna mah. Teuing lembur naon, da hésé ngalelebahna. Tuluy awak malik ngidul, neuteup jalan nu tadi kaliwatan tapi ukur belegbegna nu ka tempo. Keur lenga-lengo ujug beleber seungit kembang malati, seungitna angin-anginan. Bareng jeung kitu ujug kadéngé nu éak-éakan surak, pagaliwota jeung sora budak ceurik. Kerung, da rarasaan tadi ti tonggohkeun asa teu ngaliwatan nu keur hajat atawa raraméan. Tapi teu lila kituna téh, da lindih ku sora séorna angin nebak dangdaunan.

“Ngadéngé nu raraméan di tonggoh? Tadi mah asa teu ngaliwatan nu keur hajat nya?” ceuk kuring ka Ki Sobat. Nu ditanya teu némbalan, kalah rurusuhan masangkeun busi motor tuluy disobaan diselah nepi ka hirupna deui.

“Hayu, buru!” pokna pondok. Barang clak kana pangboncéngan, motor digas teu sirikna rék ngapung, ngabiur matak paur nu diboncéng. Rada dilaunan téh sanggeus asup ka kota.

“Ari énté teu apal?” Ceuk Ki Sobat sanepina nganteurkeun ka imah.

“Naon téa?” Kuring malik nanya, rada reuwas duméh nu nanya katempo daria pisan.

“Enya basa énté ngadéngé nu éak-éakan di tonggoh, padahal basa urang ti tonggoh euweuh nu keur raraméan pan,” pokna deui.

“Didinya ngadéngé ogé? Geuning diajak ngomong cicing waé.”

“Ari énté bener teu apal?” Pokna bari mencrong. “Pan dua minggu kaliwat aya beus tiguling palebah motor urang mogok!”

“Ngadéngé ari béjana mah, ngan teu apal kajadianana di dinya.”

“Korbanna ogé aya kana belasna urang,” pokna bari katempo baluas. Teu lila tuluy pamitan, basana sieun peuting teuing di jalan.

Bet jadi reuwas ka reureuhnakeun saléosna Ki Sobat téh. Palangsian sora nu kadéngé tadi di pudunan Cimanggu téh aya patula-patalina jeung éta kajadian. Inget kapalebah dinya teu pupuguh bet jadi muringkak bulu punduk, hadéna apalna téh sanggeus nepi ka imah. Tapi najan kitu teu wudu sapeupeuting panon jadi hésé dipeureumkeun, ongkoh awak asa teu ngareunah, punduk karasa kacida cangkeulna.

***

Pasosoré ngahaja ménta diboncéng ku budak nu cikal, da teu kuat mawa motor sorangan. Budak gé ngajalankeun motorna teu sirikna ngarayap, teu kuat nahan kanyeri dibawa rurusuhan mah. Komo mun pareng ngaliwatan jalan anu goréng.

Jol ka nu dituju, hadéna nu rék ditepungan kasampak keur di imah. Mun heug keur teu kabeneran mah biasana sok suwung, da sok loba nu ngangkir. Teu kapalang Ni Emur dina tutulungna mah, daék diangkir lamun sakirana nu geringna parna. Asal aya nu mapageun wé tangtuna gé da geus kolot.

Ni Erum nuduhkeun nitah diuk dina bale-bale nu geus diamparan samak. Balé-balé nu aya diterlas gigireun imah, minangkana mah tempat praktékna lamun keur ngubaran.

“Na asa kacida…Rajeun téh nulungan tapi ditungtungan ku ngaripuhkeun,” ceuk Nini siga nu nyeukseukan bari mencrong. Puguh wé jadi rampang-reumpeung, Saumur-umur asa kakaraeun diseukseukan modél kitu ku nu jadi nini. Tampolana ukur melengek, teu ngarti ku ucapan Nini.

“Ari kitu kumaha, Ni?”

“Cicing wé hidep mah, anggur malik geura kainyah.” Ceuk Nini teu maliré kana pananya kuring, kalah nitah nonggongan. Sangeus kitu Ni Erum ngagerenyem babacaan, teu jelas teuing naon nu dibacana. Teu lila Ni Erum kapireng kawas nu ngabuburak.

“Nyingkah kaituh, geura balik!” Ngomong kituna téh bari keplok nepak punduk. Anéh, punduk nu tadi teu puguh rasakeuneunana téh teu karasa nyeri waktu ditepak Ni Erum téh. Malah dadaksakala ngemplong, teu sakara-kara.

“Kumaha ayeuna karasana?” Saur Nini Erum bari nyabak punduk.

“Alhamdulillah ngemplong, Ni. Ku naon atuh nya, ti wengi kénéh bet teu pupuguh ujug aya nu ngabeungbeuratan?”

Ditanya kitu téh Nini Erum kalah seuri.

“Si Pincang, maung kajajadén kukutan jenatna uyut hidep éta téh. Nu teu wéléh satia ngajaga anak turunan uyut.” Nini Erum nyarios kituna téh bari siga nu neuteup ka jauhna. “Na balik ti mana atuh kamari téh?”

“Wangsul ti tonggoh saréng réréncangan, Ni” Derekdek didongéngkeun kajadian kamari peuting di Pudunan Cimanggu téh. Ni Erum unggut-unggutan, ngabandungan daria naker naker.

“Hmm…Aya nu rék nyilakakeun hidép peuting tadi téh saenyana mah. Hadéna ditangtayungan kénéh ku nu Kawasa. Da ari Si Pincang mah ukur cukang lantaran, bari jeung kitu deuih nulunganana téh sok ngadon ngadaplok ngabeungbeuratan. Melangeun ti dituna mah, bisi aya kénéh nu ngadodoho urang.”

“Janten nu ngabeungbeuratan abdi téh maung kajajadén?” Ceuk kuring asa percaya teu percaya.

“Enggeus éta mah teu kudu dipikiran. Mending geura balik, téréh magrib!” Nyarios kituna téh Ni Erum bari cengkat tina bale-balé.

Balikna motor dibawa ku sorangan bari ngaboncéng budak. Nyemprung teu ngarayap kawas keur inditkeun tadi.(*)

#Agus M. Munggaran (Manglé No. 2740)

Carpon SundaOù les histoires vivent. Découvrez maintenant