Karéta Mudik

0 0 0
                                    

Di Setatsion Gambir, para panumpang nu rék mudik pohara lobana, pasesedek paheula-heula hayang bisa kabawa ku karéta. Saréréa geus teu paduli kana aturan protokol kaséhatan. Atuh barang jol karéta api ogé sasatna lalumpat paboro-boro. Silih séréd silih siku. Mang Dadang gé milu pasesedek bari manggul koper.

“Ajaaww!” Mas Jenar ngagorowok indung sukuna katincak sapatu lars tentara.

“Anjiiiir siah, susu aing méh ngacleng!” Ceu Empon ngajerit dadana kadupak siku.

Panto ditutup. Geleser karéta indit. Panumpang pada bungah. Tapi Mang Dadang nu mamawa koper badag kalah ceurik ngahinghing basa karéta api geus indit téh. Curukna tutunjuk ka setatsion. 

“Ari Emang ku naon, batur-batur atoh bisa naék, ari ieu kalah ceurik?” Patugas karéta nanya héraneun.

“Lain kitu, Pa! Emang mah da moal mudik, ngan rék nganteurkeun dunungan kana karéta! Tah ieu koperna!” témbal Mang Dadang bari nginghak.  

“Ari dununganana mana?”

“Itu tinggaleun di setatsion!” 

***

Karéta api kelas ékonomi nu pinuh ku para panumpang mudik terus nyemprung ka wétankeun. Lumpat ngadius lir karéta siluman padahal sakitu pinuhna. Kuduna mah oléng perbawa momot muatan. Tapi teteg baé tuluy nyemprung. Nyéakna lain ukur ku mesin atuda, tapi lir kasurung ku kakuatan batin saréréa. Kahayang nu kenceng tanding kilat, hayang tepung jeung kolot atawa anak pamajikan. Nu reuteum dariuk dina luhur gerbong jigrah hahariringan euweuh karingrang. Asal kabawa miang. Asal bisa mudik jonghok jeung kulawarga.

“Awas torowongaaan…!” ceuk saurang. Réok darepa sakaligus. Nu balangah tinggaroak sirahna kabentur témbok torowongan.

”Éta sirah Akang ka mana?” Aya nu nanya ka nu diuk gigireunana nu rumpung euweuh sirahan.

“Ngacleng tadi euy! Ieu mawa cadangan da!” Pokna tiis bari ngodok sirah tina kantong. Prak dipasangkeun. Ngong deui milu hahariringan.

“Juriiiig milu mudiiiiiik…!” ceuk nu tadi séah tibuburanjat ngajauhan.

“Emang jurig teu meunang mudik?”        

***

Kawas jadi kila-kila aya nu kawénéhan nempo jurig di luhur gerbong téh. Mahluk nu mawa sial jeung mamala dina éta lalampahan. Da jeung enyana rupa-rupa kasusah jul-jol ngarungkup panumpang. 

Nu di jero gerbong geus ruy-rey ku cikésang da puguh sakitu pagegelekna, cacakan kaca jandéla maruka. Nu bisa diuk pagégéyé. Nu narangtung tinggulantung nyarekel papalang atawa tali gantungan.

Dina kaayaan kitu aya ogé lalaki mah nu ujug-ujug manggih kani’matan. Kawas Kang Uzi, kabeneran nangtungna téh adek, rapet malah, tukangeun Nai Wawang. Atuh gujlag-gejligna karéta téh keur manéhna mah anugrah, lain musibah. Éta baé da sakapeung mah maké semu peureum beunta sagala katénjona. Nu dihareupeunana sarua deuih peupeureuman, api-api teu karasa.   

Mang Dadang nu tadi basa miang ceurik gogoakan geus rada rerep. Ngan jebléh kénéh biwirna mah. Angger rambisak inget ka dununganana nu tinggaleun di setatsion. Baluas jeung asa dosa kabina-bina. Mangkaning teu apal rék mudik ka pamajikanana nu mana dunungnanana téh, da puguh lain hiji. Nu puguh manéhna baluweng liwat saking. Kudu mawa deui balik éta koper. Nu matak tadi gé tuluy sasadu ka patugas karéta, majar rék turun di setatsion nu pangdeukeutna. Tapi ras teu mawa duit jang ongkos, leng deui ngahuleng. Ceurik deui inghak-inghakan. Rada leler téh sanggeus dilelemu ku Ceu Empon.

“Donat, donat! Donat hipu donat gurih! Oléh-oléh mudik anu raos. Kanggo candakeun ka nu sepuh ka nu anom, mantan atawa mertua! Dimirahkeun, sapalastik sapuluh rébu!” Ceu Sarbu nawarkeun donat bari sésélékét nyuay-nyuaykeun panumpang.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now