Réportaseu Iblis

0 0 0
                                    

Lain Jakarta anu bengis. Urangna waé anu gampang lumengis. Ongkoh silaing jumud ka Si Réné Déscartés: “aing mikir aing aya”, geuning buktina jiwa urang téh pengemis. Ongkoh sakti nyanghareupan naon waé, kaasup alam. Geuning sakalina nyanghareupan caah, ngocéak maratan jagat. Ati lumengis nurih langit hayang dipikawatir, matak ketir sasatoan anu ngabandungan.  Seuri kétang, lain ketir. Nyeungseurikeun polah urang.

Jakarta mah sarua waé jeung Semarang, jeung Bandung, Yogyakarta, Surabaya, Medan. Jalan tol ngembat panjang. Jalan layang tingarileu siga oray sanca ngaréngkol dina catang. Gedong ngajungkiring paluhur-luhur hayang katangar. Nya lumbrah wé, ngaranna gé kota gedé. Apan kahayang urang éta téh. Kumaha wé Newyork, Hongkong, Paris.

Naha urang kudu ngarasa geueuman sagala, naha bet ngarasa ditingker? Halaah… teu béda ti sajak céngéng. Salawasna rumahuh. Gampang ngangluh. AC pareum, gegeber awak. Majarkeun téh panas. Dibéré hujan dordar gelap, hawa tiis, riweuh néangan mantel, ngabunian awak. Majar sieun asup angin. Der caah, matak pugag léngkah. Dibéré halodo, duh loba kekebul, matak teu séhat kana rénghap.

Sia téh manusa, tapi ngedul mikir. Geura sok burakeun tah eusi hulu. Sakumaha hujan gedéna gé, da moal caah mun urangna rumawat alam mah. Moal loba kekebul mun urang tara nuaran tatangkalan. Apan fungsina  dangdaunan téh sangkan kekebul henteu eunteup kitu waé, kana jandéla, kana panto, kana liang irung jeung matasia. Ari eunteupna dina dangdaunan mah, apan engké daunna layu, tuluy katebak angin, jadi kalakay. Pluk murag. Disanggap ku taneuh. Paheut tuluy puket.

Terus mun seug tatangkalan rajeg saban jalan, apan meureun akarna jadi panumpian cai hujan. Moal nepi ka ngoléab ka jalan tuluy ngeueum kota. Daunna anu gomplok bisa dipaké ngiuhan keur jalma masakat. Ěta kabéh aya dina uteuk sia. Apan sia téh manusa. Apan sia diciptakeun leuwih sampurna batan sato jeung jin. Mun sia teu bisa mikir nepi ka lebah dinya, hartina sia leuwih laip batan sato jeung jin. Anéhna, sia mah sakalina dibéré senang, héhéotan. Suka bungah tingbakaratak. Poho ka purwadaksi. Sajak kulawu nu pinuh kasedih robah jadi sajak nu migandrung alam. Euyeub kareueus jeung puja-puji.

Geura rék teu hayang seuri kumaha. Mun caah di Jakarta jalma-jalma pahibut nyalametkeun manéh. Nu di luhur paséa silih dedetkeun. Ceuk urang Jakarta, caah  kiriman ti Bogor. Urang Jakarta anu katempuhannana.  Ceuk urang Bogor, har, ari anu ngaruksak Bogor urang mana? Pan urang Jakarta anu nyarieunan vila di Puncak?  Sok atuh vilana ku aing dibongkar, urang jadikeun leuweung sangkan cai bisa nyangsang ngagéndang dina akar-akar tatangkalan. Urang Bogor ngaradat. Tunjukna bebentik. Urang Jakarta angger hohoak.

Hahah…sok hayang seuri, nya. Urang mah ukur rayat. Naha nya apan maranéhna téh manusa, dibekelan uteuk ku pangéran. Bisa henteu nya mun teu kudu paséa? Bingung? Heueuh aing gé bingung. Sok palikiran geura. Remen pisan kabandungan para bupati, wali kota, gubernur, wakil rayat, studi banding ka mancanagara, hayang nyeueung kota-kota anu aréndah, raresik, jalan leucir, tatangkalan jeung kekembangan lir sawarga loka nu remen didongéngkeun ku ustad jaman ngaji di masigit, sareungit jeung warna-wani lir tempat widadari. Angkutan umum nya genah nya tumaninah, bari nyampak di saban tempat. Rék diajar kumaha cara ngokolakeun kota nepi ka lalening jeung halégar.

Wani taruhan. Lain, lain studi banding. Pelesiran. Ulin maké duit nagara. Duit rayat téa. Rék nuduh aing pitenah? Mun naruduh kitu, uing salaku rayat rék malik nagih. Mana hasil studi banding? Aya teu hasilna dilarapkeun? Geuning angger wé kota mah pabusirat. Èta geuning mesin parkir di Kota Bandung kalah jadi bangkarak? Patalimarga angger pabaliut. Usum hujan, gulidag caah. Rayat deui anu katalangsara. Usum halodo, datang tigerat. Sarua rayat kénéh nu walurat cai.

Mun politikus jeung pajabat rék merkarakeun déwék, sok, moal teu diladénan. Déwék nu kuduna tutunjuk ka maranéhna. Sabaraha ratus juta salila ieu duit dimonyah-monyah pelesiran atas nama studi banding? Terus mana hasilna? Uing mah lain owél ku duitna, tapi ku carana. Cara ngabobodo rayat. Mun kajeueung mah hasilna moal nyisikudi. Moal asa ditipu. Heug waé. Apan ieu nagara téh ladang hésé capé para pejuang. Beunang ngarebut ti penjajah.  Apan nu matak hayang merdéka téh supaya urang saréréa bisa ngurusna, keur karaharjaan urang saréréa, keur kaadilan saréréa. Kari-kari ayeuna para pajabat jeung politikus kalakuannana sarua waé jeung kolonial. Nindes jeung ngabobodo rayat. Maén sandiwara. Iblis, siah!

Carpon SundaTempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang