Rusiah

0 0 0
                                    

Orok beureum nu keur ngageubra saré, diteuteup salila-lila. Asa robah-robah beungeutna téh. Mangkukna mah nyeplés pisan siga kuring, ayeuna mah bet siga mitoha, ninina. Paingan ceuk uyut, orok mah bisa mamalihan rupa. Ké mun geus panceg opat puluh poé karék angger moal robah-robah. Enya, meureun nya, ning anak kuring gé kitu.

“Teu ngompol, Kang?” pamajikan asup bari nangkeup istrikaeun. Karék jajait meureun. Puguh gé ayeuna mah seuseuheun jeung istrikaeun téh sahunyudan sahunyudan. Popok, tilam ompol, baju orok, ka samping-samping aya.

“Henteu,” témbal téh heureut.

“Na mani tibra-tibra teuing nya! Tempo akang, napasna. Aya ngarénghap?” omongna semu hariwang. Kuring nyéréngéh.

“Ari taeun téh!”

“Ih, lain melang,” témpasna.

“Ieu dadana turun naék!” ceuk kuring bari nyabak hariguna. Karasa enyutna jantung kana dampal leungeun.
Pamajikan nyéréngéh, bari gancang titilep. Éra tayohna. Sup indung kuring bari nanggeuy bungkusan.

“Naon tatéh, Ema?” tanya téh.

“Tadi Ema tepung jeung si Mimi, deuk mulang ka kota. Ngan mihapé cenah keur orok. Hampura teu bisa ngalongok da ku dununganana ngan dibéré libur sapoé,” ceuk Ema bari sok mikeun bungkusan. Geuwat ku kuring dibuka. Baju orok. Alhamdulillah.

“Na aya ka dieu Ceu Mimi téh?” pamajikan mairan.

“Aya kamari soré. Ngan teu bisa ka dieu. Samaruk ari bubujang mah moal bébas ku waktu. Kana garudas-garidus wé kitu. Teu bisa sosonoan jeung urang lembur!” ceuk Ema bari andiprek gigireun orok.

“Ari akang iraha mulang deui?” tanya pamajikan bari ngalieuk.

“Har, na teu sarua kitu peréna jeung Étéh?” Ema mairan. Méméh ngawalon téh kuring jeung pamajikan ngahéhéh seuri.

“Nya henteu atuh, Ema! Abdi mah apan cuti ngajuru, tilu bulan. Ari akang mah henteu cuti, peré biasa wé, peré nu umum ti Saptu nepi ka Minggu. Ké Senén subuh mulang deui!” pamajikan nu némbalan téh. Ema unggut-unggutan ngartieun meureun.

“Nya, enya, anu orokan mah kudu lila reus-na. Da jagjag sotéh di luar, di jero mah acak-acakan,” ceuk Ema bari nilepan tilam-tilam nu meunang nyaitan.

“Pausahaan gé aya aturanana keur nu orokan mah. Aturan husus,” ceuk kuring bari ngaringkelkeun orok. Mani seungit abong tacan boga dosa.

“Deuk Senén subuh nyah mulang téh, Ujang?” ceuk Ema daria.

“Enya, asal muru ka tempat gawé jam dalapan wé!” témbal téh.

“Heueuh, ké ku Ema dipangnimbelkeun sapoéeun mah. Ngala wéh isuk mah lauk ti balong. Nya bisi embung jeung lauk urang meuncit hayam!” ceuk Ema kawas ka budak leutik. Biwirna ukur nyéréngéh teu némbal.

Orok uyak-uyek. Ngompol meureun, atawa hayang nyusu kitu? Ku Ema diangkat sukuna, dicabak bujurna.

“Ngompol geuning, Étéh! Ka dieukeun popok jeung bulenna!” ceuk Ema bari ngalaan popok nu baseuh.

“Tacan diléotan, Ma.”

“Keun waé éta nu anyar nyaitan ambéh haneut. Ngan kebutan wéh bisi aya sireum!” ceuk Ema bari nyodorkeun popok jeung tilam nu baseuh ka kuring. Sabada ditalekan lebah bujurna, karék dipopokan jeung dibulen, hih teu sakara-kara, geus diganti mah, guher deui wé saré. Abong orok.

***

Teu karasa, anak kuring geus opat bulan umurna. Rupana geus teu obah-obah. Tapi siga saha atuh? Teu jiga kuring teu jiga indungna? Cénah anak kahiji mah sok nyeplés bapa, ning ieu mah henteu? Tapi éta kahélok téh kajawab basa kuring manggihan Ema keur ngawangkong jeung Bi Yéyét, adi Ema nu bungsu.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now