Kapeurih Nu Asih

0 0 0
                                    

“Kumaha ieu téh, geuning baju can disadiakeun?” Kang Danu morongos.
Teu hayang némbal mun Kang Danu geus ambek-ambekan Téh. Budak geuwat dirawu. Léos ka dapur. Kahayang mah Kang Danu sing ngarti, leungeun kuring téh ukur dua, ari pagawéan mani rongkah. Cik atuh ngalicin-ngalicin waé mah bisa meureun ku sorangan. Sagala rupa téh mani sok hayang diladénan waé ku pamajikan.

Sidik isuk-isuk téh sok paciweuh. Nguruskeun budak, can sasarapna. Jaba Si Adé rungsing, hayang nimbel. Cenah rék botram di sakolana. Teuing aya acara naon budak nu pangais bungsu téh. Ukur bisa galécok dina haté.

“Mah, kedah kana lunchbox saur Ibu Guru mah,” pokna.
“Oh, misting palastik meureun?”
“Muhun,” walonna bari unggeuk.
“Lain ti tadi nyarita, teu kudu ngaleumpeuh daun cau,” gerentes téh. Kétang mangpaat keur timbel bekel ngarambét.

“Mah, encan geuning ngalicin téh?”
“Menerkeun heula Si Adé.”
“Geuwat atuh bisi kabeurangan!”

“Gusti…! Ti tatadi téh bapana ngoprék hapé bari sura-seuri sorangan. Lain ngurus kaperluanna,” ngan bisa ngageremet dina haté. Untung barudak nu baradag harideng. Geus saraged. Récéh dibagikeun ka budak nu opat. Nu Bungsu dikélék dina aisan.
“Mah, aya biaya prakték,” ceuk nu cikal masih kénéh nampan.
“Tuh, ka Bapa!” témbal téh bari ngarindat.
“Naon? Euweuh, sakitu geus digebrokeun ka indung manéh!” pokna teugeug.

Bati ngurut dada, kapaksa ngagoréhélkeun kanjut kundang dina kutang. Ladang ngajual paré. Mani ngahelas. Gamis beureum ngan ukur sawangan.

“Nong, hayoh waé ngurus paré?” basa Ema nyimpang balik ti pangajian.
“Mun teu kitu, taya keur jajan barudak,” walon kuring.
“Enya, ari salaki…” Ema teu nuluykeun caritaanana.
“Naon, Ma?”
“Henteu, sing sabar wé. Da awéwé mah dulang tinandé,” ceuk Ema seuri maur. Pananganana ngusapan tonggong kuring.

Padahal mah batur ogé teu euweuheun nu boga salaki ménak, pamajikanana ngan ukur ibu rumah tangga. Tapi da batur mah mantuan pamajikanana mun keur nyalsé di imah. Ari Kang Danu sok asa leuwih ti ménak. Padahal ngan ukur TU di sakola. Datang ka imah téh tara nolih, ku nu riweuh ngurus budak nu meujeuhna bilatung dulang. Keur ngamandian nu bungsu ogé der kudu indit mangmeulikeun kopi. Teu meunang diengkékeun. Leuheung mun daék nyuluran heula. Ieu mah kalah Si Bungsu kabulusan can diandukan. Mun nitah teu weléh sesentak, jeung kudu pok torolong.

“Kang, énjing badé ngiringan dibuat di sawah Bi Haji Encum,” bari nyodorkeun kopi panas. Manéhna ngan ukur ngarérét unggeuk. Tuluy ngoprék hapé deui. Regot nginum cikopi bangun nu nikmat.
“Asal mun Akang balik geus sagala nyampak wé dahareun jeung cikopi,” pokna. Mani asa ku ngarareunah ngomongna téh. Kuring nu capéna. Ngurus budak bari kudu ngokolakeun duit paméré salaki nu jauh ka cukup.

Untung boga Ema nu ngarti. Sakapeung hasil panén di sawahna dijatahkeun pikeun mantuan biaya sakola nu cikal. Kang Danu ngan ukur humandeuar. Jauh ka nganuhunkeun ka Ema. Teu hayangeun mantuan milu ngurus sawah titinggal Bapa, sok sanajan ukur sakotak. Tara hayangeun milu mangmoékeun paré-paréna acan. Padahal kuduna mah sukuran, geuning kiwari mah sawah téh beuki mahal. Babaturan Kang Danu mah mani bélaan nganjuk ngahutang hayang boga sawah téh, nepi ka ngagadékeun SK. Padahal kolot Kang Danu ogé sarua tani. Tapi salaki mah mani bangun nu embung awak antel kana leutak téh.

Boa kawin ka kuring téh kapaksa. Kungsi meunang selentingan, pajarkeun hayangna mah ka Bu Sumi, pagawé kantor pamaréntahan. Kaburu dijodokeun ku bapana ka kuring. Bapana Kang Danu sosobatan jeung Bapa. Kuring teu nyaho bet daék waé. Da éta pédah PNS. Bapana kataji ku kuring téh pédah daékan cenah. Enya daékan, daék dibelekesekkeun ku anakna. Rumasa, teu boga gawé cara batur. Euweuh tempoeunana. Sakola ukur tamat SMP.

Nutupan kakurang keur pangabutuh, milu tandur, ngarambét, jeung dibuat. Matak beungeut pinuh ku kokoloteun da mindeng kapoé. Wedak ogé refil waé. Bororaah mun kawas batur, beungeutna glowing jeung baroga hapé.

Sit incuing ngelak. Asa keueung di sawah téh. Ras ka Ema. Lila teu nyimpang. Ti saprak ngageureuh-geureuh Kang Danu nu tara daék babantu. Harita ujug-ujug hujan ngagebrét. Poé paré kabancuh. Kuring nu lumpat moro paré dibantuan ku Ema. Ari Kang Danu haré-haré. Nya, ningali kitu-kitu teuing mah Ema ogé ngageunggeureuhkeun.

“Bantuan atuh Jang Danu, cicing waé batur riweuh téh!” Ema ngagelendeng. Biasana ogé tara pipilueun Ema téh mun ningali kalakuan Kang Danu nu sok tara ras-rasan. Harita mah Ema ngagantawang. Kang Danu harita kénéh geuwat mantuan. Mawaan paré bari sok sanajan jeung das-dis-dus kukulutus. Parat ngarungan, tolombong ditajongan.

“Lain najong tolombong, tapi najong Ema,” ceuk Ema bari ngaléos. Geus tilu minggu ti harita Ema teu katingali. Ieu haté beuki teu puguh rasa. Ngumbah leungeun dina kamalir. Si Bungsu nu keur diasuh ku tatangga di saung, geuwat diais.

“Jauh kénéh ka lohor, Nyai,” ceuk Bi Isoh batur ka sawah.
“Asa teu ngeunah haté puguh, mudah-mudahan teu aya naon-naon,” témbal kuring satengah lumpat muru lembur. Pikiran téh inget baé ka Ema. Rék dilongok.

Karék ogé srog ka buruan. Aya mobil jeung motor, laju tarurun. Katempo aya nu dipayang. Rét ka Bu Sumi nu rambisak bangun nu tas ceurik; nyusutan cipanonna ku tisu.
“Aya naon? Ku naon Kang Danu?” kuring nanya, ka nu mawa salaki kuring. Maranéhanana kalah silirérét.
“Pa Danu kapiuhan nuju tuang di réstoran,” témbal nu baju sépé.

Taya nu wawuh saurang gé. Ngan ukur ka Bu Sumi wungkul pédah tatangga sadésa. Nu kungsi dipikahayang ku Kang Danu téa. Harendeg teu ngarti. Bu Sumi jeung babaturanana amitan. Kang Danu ngalempréh. Tatangga rabul pabéja-béja. Malah aya nu mangnéangkeun mantri sagala.

“Kedah dijagi tuangeunana. Teu kénging nu lezat-lezat,” ceuk Mantri.
“Padahal tuangeun nu basajan di rorompok mah, Pa,” témbal téh.
“Muhun, puguh sering ningal Pak Danu tuang di réstoran,” ceuk Mantri. Gebeg, jajantung mani ratug. Boa daharna téh jeung Bu Sumi.
“Pak Mantri sering ningal? Sareng saha tuangna?” kuring ujug-ujug boga kawani. Teu mikir tatakrama jeung kaéra.

Kuring nu tisuksuk tidungdung, bélaan beungeut kabeuleum panonpoé saban poé. Ari salaki kalah sukan-sukan jeung nu lian. Pa Mantri teu ngajawab. Kawas nu reuwas narima pananya ti kuring nu merul. Kang Danu ngulisik. Pa Mantri rikat mawa nyarita jeung mariksa salaki. Mani bangun manggih jalan pikeun ngagiwar ti pananya kuring.

Ti harita Kang Danu teu bisa asup gawé. Saban poé ukur bisa ngalangeu dina jandéla bari lieuk deui-lieuk deui ka tepas. Kuring ogé jadi arang indit ka sawah da boga nu gering. Ema can kungsi néang. Kang Danu gering geus bubulanan. Malah kuring nu sok ka imah Ema. Da Ema ogé sarua, keur meujeuhna geringan.
“Nong, Akang hayang panggih jeung Ema. Rék ménta hampura!” pokna bari reumbay cimata. Komo ayeuna bangun nu taya pangharepan sanggeus sukuna nu katuhu diamputasi alatan gula. Awakna beuki ngorotan.

Sit uncuing beuki tarik ngelakna. Maturan kuring nu keur nyuuh dina paésan. Paésan Kang Danu, nu kakara diurugan ku taneuh beureum.
“Ema ngahampura ti harita ogé,” ceuk Ema bari ngusapan tonggong kuring nu keur nginghak.(*)

#Dede Rostiana (Manglé no. 2769)

Carpon SundaOnde histórias criam vida. Descubra agora