Kasilib

1 0 0
                                    

Bada isa di imah Bapa Raksa!

Di dapur jeung di patengahan, ramé kénéh ku nu paropolah. Peuting éta peuting katujuhna Ki Maléndra-anak Bapa Raksa. Ari Bapa Raksa téa, saturun-turunana kaceluk jelema garagah.

Di tepas hareup geus réa lalaki kolot ngora, hempak sarila pahareup-hareup. Sawaréh bari nyarandé kana bilik. Gor-gar ngawarangkong, bari ngadaragoan anu tacan datang.
Di luar poék bulan. Cihujan tina talang ngeclakan kénéh kana tarétépan. Angin anu asup tina sela-sela bilik, nyelesep mawa tiris munggah nyecep.

"Éta mah jurig cekak," ceuk Ki Bangsa nu diuk gigireun pribumi, "Aya ku kokomoan béak karep, sapuluh teu dikarikeun hiji-hiji acan."

"Komo kaula mah lima welas!" ceuk Ki wangsa ti kéncaeunana.

"Ari anu kaula mah Si Jelug jeung Si Bibit calageur deui, ngan tilu poé geringna téh," ceuk pribumi.

"Bejana, lain ngan di lembur urang baé pagebug hayam téh," ceuk Ki Nata nu diuk deukeut panto kaluar.

"Enya da, di unggal désa," ceuk Ki Dipa ngéngklokan. Éta baé, sémah urang kidul nyaritakeun, sémah urang kalér kitu kénéh."

"Ari nu anéh mah kaula," ceuk Ki Waria nu diuk gigireun Ki lebé.

"Kumaha anéhna téh?" ceuk Ki Lebé.

"Aya samingguna kaula kaleungitan siwur ti dapur," omongna, "Ditatanyakeun ka tatangga sugan aya anu nginjeum, weléh. Malah cenah aranuna ogé teu araya, arilang tanpa karana."

"Tuluyna kumaha?" ceuk Ki Lebé deui.

"Ari tadi soré, bet kapanggih deui geus ngagantung dina parantina. Jeung anéhna sarua deuih nu tatangga-tatangga ogé araya deui."

"Ih, sugan téh kaula baé!" ceuk Ki Wira.

"Ari kaula mah samak anu kitu téh!" Ki Saca nambahan.

"Kaula mah aseupan!" ceuk Ki Asta.

"Lain ngaléléwé, kaula gé piring sadua-dua!" omong Ki nangga.

Ki Lebé unggut-unggutan.

"Kuring deuih héran mah! Ki Sastra budak ngora ahli lalajo, milu némbrong.

"Naon héranna téh?" ceuk pribumi.

"Meureun saréréa ogé pada mireng-ngan peuting ieu nu henteu téh-di palih kalér ngageder gang-ging-gung sora gamelan.

"Enya kaula ogé ngadéngé," ceuk nu diuk gigireunana.

"Kaula ogé! Kaula ogé!" raong nu ngaenyakeun.

"Ku kuring jeung babaturan kungsi dipaluruh," ceuk Ki Sastra nuluykeun caritaanana. "Ingetan téh paling ogé di Gresik, da sada deukeut téh!"

"Tuluy?" ceuk Ki Lebé.

"Di Gresik...teu aya! Di Kalér kénéh. Dipapaykeun ka Kojéngkang...teu aya! Di Kalér kénéh. Panasaran terus ka Kalimanggis...teu aya kénéh! Masih di kalér kukupingan téh!"

"Tuluyna kumaha?" ceuk Ki lebé bangun panasaraneun pisan.

"Ku lantaran geus peuting teuing jeung geus capé kuring baralik deui baé. Éta héranna téh ku sada deukeut pisan. Isukna, kuring papanggih jeung urang kalér nu dagang pindang. Manéhna nanyakeun di mana cenah nu aya pésta, da kadéngéna ti lemburna mah gang-ging-gungna téh di beulah Kidul. Ari urang Kidul, nyangkana téh di urang!"

"Ceuk kolot mah éta téh siluman di Tegal Ula keur gawéan!" omong Aki Candra nu pangkolotna di dinya.

"Aya deui anu anéh téh!" ceuk Ki Darma.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now