Nu Nuturkeun Balik Mondok

0 0 0
                                    

Budak téh biasa sok mondok di babaturanana, budak tatangga. Ngan, sakapeung mah sok dicarék, da melang, pangpangna mah bisi hayang balik ti peuting, bisi ngabarubahkeun nu boga imah. Malum, budak leutik, umurna gé kakara nincak salapan taun.

Kaasup budak lalaki beurangan manéhna mah. Éta wé, mun sakalieun dititah ka warung Mang Ajam nu anggangna ukur kira-kira dua ratus méter, asal geus adan magrib, tara daékeun. Basana téh teu leudeung! Kitu téh, pédah ngaliwatan lahan kosong urut kebon awi.

Najan ayeuna mah ti peuting gé  raang ku listrik,  angger loba kénéh tempat nu poék pangpangna di lebah nu loba tatangkalanana. Atuh, melang mun budak mondok gé,  paur ku jelema jahat. Da, di lembur sorangan mah, nu kapalingan motor gé, lain saurang dua urang.

Enya, keur generasi nu umurna opat puluh taunan ka luhur mah, lembur ayeuna téh béda pisan jeung baheula. Kasieun gé, baheula mah, ku sabangsa ririwa. Kawas nu remen kacatur keur budak, di lebah  kebon awi (nu ayeuna geus dibukbak), nu ngaliwat ti peuting ka lebah éta tempat, sok aya nu kawénéhan. Sok rajeun manggihan barudak lalaki dibuligir, ukur dikolor, umur lima atawa genep taunan,  keur caringogo nyaroo hayam.

Teuing kumaha caritana disebut budak hidung mah. Nu écés, nepi ka ayeuna gé, sesebutan kitu téh masih kénéh napel, da tatalépa ti generasi ka generasi saterusna. Atuh satuluyna,  éta dongéng téh sok dipaké nyingsieunan barudak nu arlulin ti peuting.

Najan dicarék mondok, harita mah budak téh maksa. Atuh, nepi ka tabuh sapuluh mah, teu waka saré, bisi budak keketrok, bisi teu tulus mondokna. Ngan, ari geus tabuh sawelas mah,  kakara wé ngagéléhé.

Basa hudang, rék solat subuh, budak nu mondok téh keur ngaréngkol di kamarna. Taksiran, enya balik ti peuting, meureun kira-kira tabuh satuan balikna téh.

Isukna, budak téh dinaha-naha, da bongan teu beunang dicarék. Padahal, lain ulah mondok, tapi ulah balik ti peuting, bisi kumaha onam.

Kacipta, budak sapuluh taun, kukulunuan ti peuting. Tah, bisi budak keur di luar,  heug aya jelema jahat. Kitu nu matak hariwang téh.

Basa kira-kira tabuh sawelas peuting, harita panto hareup kakara dikonci. Da, ceuk sawangan, budak téh tulus mondokna. Ngan, panto dapur mah, henteu ditulakan. Mun si cikal balik peuting, biasa ka panto dapur, ku nu apaleun mah, kari ngodok tulakna ti gigir, tina jandela katuhueun panto.

Mondokna, budak téh henteu nyorangan, da  jeung Abay babaturanana, budak tatangga nu sapantaranana. Mondok, pédah budak tatangga, Raifan boga play stations (PS).  Meureun, mondok gé hayang milu maén PS jeung babaturanana.

Geus karuhan budak teu balik tabuh sawelas, kuring gé langsung wé saré. Subuh-subuh kageuingkeun ku sora adan, terus ka cai, laju ngoréléng ka kamar budak nu mondok téa. Angkanan mah rék solat di diya. Bari mawa mukena, kuring téh, muka hordéng, reuwas aya nu saré téh. Ari diilik-ilik horéng budak nu Kamari mah nyaritana téh rék mondok téa.

Teuing jam sabaraha balikna ka imah téh. Teu kanyahoan deuih. Teg wéh, budak téh balik jeung babaturanana nu imahna pagigir-gigir. Da, biasa mun mondok gé sok jeung babaturana.

“Bi, ari Abay uih jam sabaraha wengi tadi téh?” cékéng basa papanggih jeung indung Abay di warung.

“Abay mah da can uih. Biasa wé sok siang ka rorompok téh!”

“Danis mah, teu parat mondokna téh. Ayeuna gé keur ngagoplék kénéh!”

“Pun anak mah, can uih ayeuna gé,” ceuk indung Abay.

Keuheul ka budak téh, teu beunang dicarék. Lain ulah mondok, tapi ulah balik ti peuting. Komo ayeuna keur usum pandemi Covid-19, peuting-peuting mah, arang nu ngulampreng. Di jalan hareupan imah gé nu biasana nepi ka tabuh sawelasan mah, loba kénéh nu lalar-liwat, ayeuna mah tiiseun naker.

Balik ti warung, kasampak budak tas ti cai.

“Ari peuting balik jeung saha?”

“Sareng Abay, Mah!” pokna.

“Ah, geuning Abay mah, masih kénéh can balik ti Raifan,” cekeng téh.

“Apan abi gé uih jeung Abay da nyalira mah teu ludeung, Mah!’ pokna deui.

Ngadéngé omongan budak kawas kitu, teu kaharti. Mun, Abay ukur nganteurkeun, terus balik deui ka imah Raifan, bisa jadi kitu. Ngan, naha Abay ludeungeun sorangan?

“Leres, Mah. Abay gé uih, henteu cios mondok! Pokna ngayakinkeun.

Pabeubeurang, kuring tamada ka indung Raifan. Da, bisi budak sorangan ngabarubahkeun. Ngan teu panggih jeung induna mah, panggih jeung lanceuk Raifan, budak rumaja nu kakara kaluar ti SMK rék kuliah taun ieu téh.

“Ari Danis uih sareng saha wengi téh?” cengkeng.

“Duka. Rupina mah nyalira!”

“Teu sareng Abay?”

“Abay mah nembé enjing-enjing uihna gé.”

“Oh!” cékéng téh.

Naha anak sorangan téh ngabohong kitu? Tapi, piraku! Atuh, ti imah Raifan gé gagancangan balik, hayang écés, ari nu bareng jeung manéhna saha?

“Mangga wé taros Abay-na!” ceuk budak.

“Heeh keun wé!”

Haté angger panasaran. Pabeubeurang, basa Abay nyampeur anak kuring rék sasapédahan, éta budak téh ditanya.

“Ari wengi Abay nganteur Danis uih?”

“Henteu, abdi mah teu apal Danis uih gé.”

Peuting harita, ceuk lanceuk Raifan, budak téh balik kira-kira tabuh satuan. Cenah, teu bisa saré. Tas maén PS téh, goledag saré. Tapi teu bisa peureum. Atukna mah balik.

Rék ménta dianteur ku lanceuk Raifan, ceuk Danis, Abay nuturkeun. Geus kitu mah, muka panto, baralik wéh kalayan henteu bébéja ka sasaha. Panto nu masih kénéh méléngé, ditulakan ku lanceuk Raifan.

Ceuk budak sorangan mah, manéhna balik téh bareng jeung Abay. Danis tiheula, Abay pandeuri. Basa kaluar ti gang, kakara papisah, muru imah masing-masing. Kaluar ti gang, Danis ka kénca,  Abay mah ka katuhu.

Waktu ditanya deui, budak téh angger jawabanana, balik bareng jeung Abay. Ku lantaran kitu, manéhna gé jadi ludeung balik da aya batur. Tapi, boh ceuk Abay boh ceuk lanceuk Raifan, Abay mah, teu balik, mondokna nepi ka isuk-isuk.(*)

#Galih YP

Carpon SundaWhere stories live. Discover now