Ririwa

0 0 0
                                    

"Moal eureun ngaririwaan, satungtung Nyi Enung acan pepegatan!"

Kitu kecap-kecap panungtung anu ditulis Jang Sarmud, samemeh manehna nelasan pati ku jalan ngagantung maneh. Mutuh matak ngageunjleungkeun lembur Pasir Haur, anu sasarina adem tur ayem. Memang kakara harita pisan, di lembur Pasir Haur aya kajadian sarupa kitu. Pangpangna mah anu matak ngaguyurkeunna teh, ku ayana implik-implik surat ancaman anu eusina matak muringkak bulu punduk.

Mang Dasim anu pangheulana manggihan layon Jang Sarmud teh. Cenah mah keretas beunang nulis Jang Sarmud teh ngagoler dina meja rohangan tamu. Dibaraca soteh bubuhan rada anggang tina layon Jang Sarmud. Da ari kudu ngadeukeutan mah, taya hiji oge anu wanieun. Teu aneh lamun waktu geus nyedek ka wanci sareupna oge, layon Jang Sarmud masih keneh ngagulantung di tengah imah.

Sakur anu pareng nyaksian, taya anu henteu ngabirigidig. Malah Bi Cucu jeung anak-anakna mah, harita keneh oge langsung beberengkes. Bejana mah rek ngungsi heula ka imah mitohana. Pantes ari kituna mah, sabab padumukan Bi Cucu teh ngarendeng pisan jeung padumukan Jang Sarmud. Mangkaning harita teh diparengkeun poe Kemis, nyanghareupan malem Juma'ah kaliwon pisan.

"Duruk bae imahna sakalian!" Si Doya nyelengkeung rada tarik. Kawasna mah pedah layon Jang Sarmud tacan aya wae anu daek nguruskeun. Dalah dulurna sorangan oge kalah ngabiur ka Tasik. Nyaritana mah rek ngabejaan kulawargana. Tapi nepi ka harita oge, tacan embol-embol deui. Kaasup Ajengan Suha jeung Ustad Otong, cenah mah kalahka aya kaperluan anu ngadadak tur henteu bisa ditinggalkeun.

"Saha anu rek ngaduruk imah aing?" Teu kanyahoan ti mana datangna, Mang Ook jol morongos ka Si Doya. Puguh bae Si Doya rada ngaranjug. Kawantu sarerea oge pada apal, mun yen imah anu dicicingan ku Jang Sarmud teh apan imah Mang Ook.

"Heureuy, Kang..." ceuk Si Doya rada bari alangah-elengeh. Ret ka gigireunana. Kasampak Mang Ook molotot keneh semu anu ambekeun naker. Tapi barang rek nyarita deui, Mang Ook teu kaburu kebat, sabab Bi Iroh, pamajikanana kaburu ngurunyung bari nembongkeun pasemon baketut haseum.

"Nya, ceuk kami oge kumaha? Lamun harita teu dikontrakeun mah, moal kieu balukarna!" ceuk Bi Iroh, kawas anu ngananaha ka salakina. Da puguh Bi Iroh mah ti baheula oge memang kurang panujueun imahna dikontrakeun ka Jang Sarmud teh. Sajabana kaayaan Jang Sarmud anu jamburaya, katambah di lembur Pasir Haur mah ngontrakeun imah teh can pati ilahar cara di kota. Hanjakalna Mang Ook keukeuh maksa. Teuing lamun pedah budakna ngagaeng bae hayang dipangmeulikeun motor. Anu ngalantarankeun Bi Iroh oge antukna teu bisa majar kumaha. Batan kudu pasea jeung anu jadi salakina.

"Geus atuh gandeng! Era ku batur. Da ayeuna mah geus kieu kaayaanana, rek kumaha deui," Mang Ook rada ngagebes pamajikanana.

"Teu sangka Jang Sarmud teh geuningan, nya Mang," ceuk Mang Sarkowi rada halon. Ari Mang Ook na mah teu nembalan, ukur ngareret bari unggeuk. Aya anu ngeyembeng dina dua panon Mang Ook.

"Sabara lila kira-kirana Jang Sarmud nyicingan imah ieu teh, Mang?" pokna deui Mang Sarkowi.

"Lamun diitung nepi ka poe kamari mah, sigana jangkep pisan kana sataun," tembal Mang Ook bari miceun paneuteup ka jauhna. Lalakon Jang Sarmud ngadadak narembongan deui. Bubuhan salila ngumbara di Pasir Haur, Jang Sarmud teh deukeut pisan jeung manehna. Teu aneh upama Mang Ook kacida apalna kana kahirupan Jang Sarmud dina sapopoena. Prah bae jeung batur, taya anu katara minculak dina dirina. Malah sarerea oge kawasna geus pada arapal, Jang Sarmud cekel gawe jadi supir mobil angkutan barang. Ngabatang mobil kol-bak bogana Haji Among, urang Cigorowek. Ngadatangkeun rasa cangcaya anu nyangkaruk dina hate Mang Ook. Komo lamun ras inget Jang Sarmud teh sok mindeng ngahajakeun milu solat berjamaah atawa pangajian di masigit.

"Alhamdulillah, Mang. Abdi nuhunkeun pidu'ana..." kitu caritaan Jang Sarmud anu masih keneh nongtoreng dina ingetan Mang Ook. Harita Jang Sarmud katara bungangang naker, siga anu keur meunang kabagjaan anu taya hinggana. Atuh Mang Ook oge geus leuwih surti deui. Sanajan teu saendeng-endeng ngawaskeun Jang Sarmud, tapi beja ngeunaan Jang Sarmud anu miharep Nyi Enung geus ngabalabar kawat di lembur Pasir Haur. Malah Mang Ook oge apal pisan lamun Jang Sarmud mindeng pisan nganjang ka imahna Nyi Enung. Nepi ka ahirna Mang Ook ngadenge omongan Jang Sarmud anu ngawakcakeun patekadan pikeun mileuleuheungkeun Nyi Enung. Moal laas dina sawangan Mang Ook, basa Jang Sarmud dadahut pikeun bekel nyorang rumah tangga jeung Nyi Enung.

Carpon SundaKde žijí příběhy. Začni objevovat