Kembang Pangurekan

0 0 0
                                    

ISUK kénéh Somad geus nyampeur. Saged. Maké topi laken, dikaos jeung dicalana sontog. Leungeun kénca ranggém; ngajingjing kérésék, eusina kaléng jeung cacingna. Urek wéh tilu digulungkeun, dicekelan atawa dijepit ku jempol jeung curuk lebah elukna, bisi ngait tayohna. Dina taktak nyoréndang kempis, wadah cai. Saliwat mah kawas budak nu rék pakanci.

Kuring gé ti isuk kénéh geus saged. Geus ngagoréng heula sampeu keur bekel. Kabeneran kamari boga manihot meunang ngala ti kebon. Da kitu pasinina kamari, manéhna mawa cai kuring mawa dahareun.

“Hayu atuh ari geus siap mah!” somad ngajak indit.

“Enya, yu! Min… Minah… Akang indit. Tutupkeun panto!” teu nunggu dijawab, kencling indit.

“Lain nanaon di Cireungit mah, mun beurang teuing téh sok kapoosan, kapiheulaan batur. Nyaho-nyaho lidig galengan téh. Mangka boga céngcéléngan. Belut endogan gedé téh, euy! Nyanggutna ogé anjiiirrr!” cék Somad dibarung ku pepeta.

“Lebah mana? Boa geus kairik batur,”

“Moal sugan. Enya liangna di tengah galengan, tapi rada béh sisi. Moal kapanggih batur asana, da dituruban ku taneuh.”

“Nyasat belut endogan mah, da katinggali endogna. Sok ngaburial deuih mun pareng caina mudal mah. Nu imeut mah kapan sok dikoréhan.”

“Sugan wé milik urang. Lain nanaon asana mun nilik kana tanagana mah, kudu sagedé gagang sapu mah. Kira-kira meunang moal ku urek ieu?”
Somad némbongkeun urek anyar. Wangunna cupat térong, rada gedé ti urek biasa.

“Cikan…” kuring ngilikan. “Sagedé doran pacul gé moal misleuk. Asal ulah dicentok baé. Antep wé sina ngagulusur tepi ka eureun ngaduakalian mah,” témbal kuring bari ngasongkeun deui urek.

“Nyéta hésé belut endogan mah rék ngagusurna téh. Kamari gé nyanggutna dicoo. Témpo didudut mah ngeplos. Teuing urekna leutik teuing meureun. Sugan ari ku nu ieu mah. Lumayan sagedé kitu mah mun beunang téh, hég dipais… lah kacipta pelemna!” cék Somad.

Geus dicipta-cipta wé can karuhan gé. Biasana belut anu kungsi nyanggut, komo gedé, bari ngajetruk, rada hésé rék nyanggutna deui téh. Linueun mun jelema mah meureun.

Satengah dalapan geus anjog ka Cireungit. Rada gancang, bubuhan mobilna teu ngetém heula. Lebah mahoni ngeureunkeun mobil téh. Ti dinya mah laluasa ngurek téh. Sasat sawah ngaplak satungtung deuleu. Kaselang ku Babakan wé meureun, tilu atawa opat imah mah. Ka dituna mah bangblas pangurekan téh, matak pikaresepeun jurig ngurek!

Sanggeus babagi cacing, bagéan kuring mah diwadahan kana daun taleus, dikeupeul. Tuluy muru galengan masing-masing. Méméh prung kawas biasa wé Si Somad mah, sok jajampéan heula. Ditarikkeun. Pokna téh, ”Suradut surawijaya. Unggal nyanggut kudu kabawa. Cuah!” bari nyiduhan elukna nu tas dicacingan.

Tara kuring mah tara bari jajampéan sagala kawas kitu, da témpo-témpo beubeunangan mah tetep wé sok loba kénéh nu teu jajampéan. Duka ti saha manéhna meunang jajampéan kawas kituna téh. Ngan ku tara elat, jeung kudu baé kawasna.

Nyaan pikaresepeunana téh. Karak sababaraha galengan beubeunangan aya tujuh sikina. Matak nineung tuh sa Cireungit mah, padahal dina sawah di lembur kuring mah sasat nyiar sasiki keur nujuh bulan gé paribasana kudu kotok nonggéng, hésé. Béak ku limbah tuda. Asana méméh aya pabrik mah ngala sapuluh siki téh tara hésé, kawas di dieu.

Beuki lila beuki nenggang jeung Si Somad téh. Tibang katémbong bajuna wé minangka ciri téh. Warnana. Dedegan mah geus teu kanyahoan, sasat beuki ngalobaan. Ngan basa cluk-clak rék hujan silih gupayan téh. Silih isarahan ka dituna mah, sangkan muru babakan, rék ngadon ngiuhan. Ari kudu balik deui mah kaburu breg di sawah. Paur kahujanan tengah sawah mah. Paur ku sakadang guludug.

Carpon SundaDonde viven las historias. Descúbrelo ahora